Teu Tuah Ieu Dosa Naha Make Rek Diserahkeun
Disawang ti kaanggangan calon randa teh tegep oge. Atuh pakulitanana koneng umyang tur panona seukeut bawangajedi. Papakeana oge ngeta, leyu jeung pakulitanana. Make rok warna koneng semet manehna teh.
Selendep ku gigireuna, nu disampeur ukur unggeuk bari ised mere tempat. Ehm…ehm!. Barang rek ‘nabeuh’ nu geulis, sungut asa dibungkem teuing watek nu bahenol meureun. Teu nyaho ti kaler kidulna, srog aya nu mikeun orok kana lahunana. Eukeur mah hayang pok bae nyarita katurug-turug aya jalan komo meuntas antukna der wae tatalu dimimitian.
“ Putra saha ieu teh?”
“ Kah…pun anak!” tembal nu geulis, ngayuh bari diuk.
“ Tos sabaraha sasih, sareng kunaon dibantun ka dieu?”
“ Nu mawi nembe 30 dinten! Bapana bade nekad mirak!”
Orok anu masih keneh beureum teh dibulen ku simbut beureum, sarena mani ngagebra. Indungna Ny. An (22) nyebutkeun, asa ku teungteuingeun Bapana si Ujang ukur ngalajur nafsu, ngumbar amarah, cenah. Tacan ge budak opat puluh poe geus rek papisah jeung Bapana. Padahal ari kahayang Ny. An mah rumah tangga jeung Sak (26) hayang tepi ka pakotrek beak. Heueuh ari batur mah lamun pamajikan tas lahiran teu weleh nganti-nganti opat puluh poena da ngarah gumuruhna tea. Na atu tacan ge tepi kana edisna kari-kari rek dilurkeun. Na teu lebar kitu?
Keur gunem catur jeung calon randa, Ny. An jeung Sak dipanggil pikeun mangadeup ka Pangadilan Agama. Orok anu keur sare tibra dikelek ka rohangan sidang.
“ Rek aya naon Bapa kadieu?”
hakim ketua, Drs. Malik Ibrahim mimiti mariksa.

“ Bade nalak pun bojo!” tembal Sak bari ngareret ka nu aya gigireunana.
“ Kumaha Ibu teu kaabotan?” majelis hakim nanya kanu keur ngeukeupan orok.
“ Kah…alim Abdi mah da teu gaduh lepat ka anjeuna, na atu jalmi teu tuah teu dosa bade dipirak!” tembal Ny. An ka Majelis hakim.
“ Tah, geuning kitu Pa? cik…cik…naon alesanana pangna rek ditalak teh?” selek hakim ketua.
“ Boroan cenah, Ny. An ninggalkeun salaki geus opat bulan tanpa permisi. Bisana Ny. An indit tanpa permisi, miang tanpa bewara sabab geus beak kasabaran jeung kanyerian ti kolot Sak. Ny. An indit ti imah keur ngandung tujuh bulan keneh basa Sak keur usaha di Bandung cenah, mening cicing di imah kolot, sedeng di imah Sak oge kolotna tara sok nanya atawa ngageunggeureuhkeun. Kilangbara ngabaeubaeu atawa ngarawatan anu keur kakandungan malah digeuleuh keumeuhan.
“ Tuh geuning teu salah-salah teuing pamajikan urang teh!” ceuk hakim ketua.
“ Muhun, leres Pa hakim, eukeur mah Abdi teh ku salaki dibaeudan katurug-turug ku Ibuna diseungkeuan, nya Abdi the indit!” Ny. An mere alesan.
“ Ari lalaki teh kudu loba ngelehan, ulah hayang meunang sorangan!” majelis hakim nganasehatan.
Jleug duanana jarempe. Rupana orok anu keur dikeukeuweuk kabaribinan kunu dar-der-dor, malum caritaan Ny. An sakitu nerewalangna kawas kacang ninggang kajang.
“ Oa…oa…owa…wa…!” si Ujang nyaring kahudangkeun, kokosehan dina lahunan indungna.
“ Sok…sok…enenan supados cicing!” hakim anggota mang karunyakeun.
Tetela, pikeun Ny. An mah teu ngahareupkeun pipisahan, tapi hayang rumah tangga anu bener. Atuda budak rek kumaha engkena, ngan nya kitu ari Sak teh babari kapangaruhan ku pihak ka tilu anu baris ngaburantakeun rumah tangga.
Sidang Pangadilan Agama anu dipingpin Drs. Malik Ibrahim teu bisa langsung mere putusan keur alesan anu ukur kitu-kitu bae. Sabada narima putusan hakim, Sak ngahuleng rumas kana perbuatanana anu gugup nyatu, gancang madang.
Rupana nasehat hakim ketua nembus kana jajantung Sak bari miharep rukun deui jeung Ny. An sakumaha nu rumah tangga.
“ Sok ketib (lebe) dameykeun di lembur!” Drs. Malik Ibrahim nugaskeun ki lebe. Ny. An jeung Sak cengkat ti ruang sidang terus baralik ka lemburna, desa Kertawangunan Kab. Kuningan.

Ngundeur beja ti Pangadilan Agama (1987)
3 Komentar
Naha maca ieu carita teh jadi rada waas, asa inget ka lembur. Salam we ka Admin ti risma2006
Aiiih.. Sundaan euy.. Alus ih (*hihi)
Salam :)
Wach sundanya keluar nich sob hehehe,btw ajarin bahasa sunda donx xixixi...:D
Posting Komentar